Jumat, 01 Oktober 2010

Si Kabajan Djeung Kijaina


Tjék kijaina : “ Kabajan hajoe oerang kondangan koe noe karija.”
Tjék Kabajan: “hajoe,”


Ladjoe leumpang, barang datang ka lemboer noe karija si Kabajan miheulaan kijaina,
tjék kijaina: “hi! Kabajan, oelah miheulaan aing, pamali mantak doraka.”
Tjék si Kabajan: “diga koemaha kijai éta doraka?”
 Tjék kijaina: “beuteung kendor hajang nangka.”

Ladjoe si Kabajan ka boeri deui ngiringkeun kijaina, barang datang ka imah noe karija dooek ka ambén. Ladjoe disoegoehan roko seureuh djeung kaju api, teu kebel datang noe njamboengan, mawa gotongan nangka.

Kadeuleu koe si Kabajan,
tjék si Kabajan: “héh, palawari mana panghoeloe amil di dijeu, tjoba titah ka dijeu”.

Datang éta panghoeloe amil,
 tjék si Kabajan: “héh panghoeloe amil, sorangan doraka ka kijai.”
Tjék amil: “doraka lantaran koemaha?”
Tjék si Kabajan: “doraka koerang awas”
Tjék amil: “naon noe koedoe diawaskeun?”
Tjék si Kabajan: “toeh téndjo beuteung kijai, doraka”
Tjék amil: “koemaha noe matak diaranan doraka?”
Tjék si Kabajan: “beuteungna kendor hajangeun nangka”.

Ladjoe éta panghoeloe amil njokot nangka disoegoehkeun ka kijaina djeung ka si Kabajan. Barang tas ngahakan nangka kijaina ménta dianteur ka tjai ka si Kabajan, ladjoe ku si Kabajan dianteur. Datang ka tjai kijaina ngising, ladjoe si Kabajan ngising girangeun kijaina.
Tjék kijaina: “Kabajan, doraka dija ngising girangeun aing”.
Tjék si Kabajan: “dja kijai géh koedoe diiringkeun koe koela, tai kijai géh koedoe diiringkeun koe tai koela”.
Tjék kijaina: “jakin, éléh aing Kabajan”.

Disalin tina buku :
Lina Maria Coster-Wijsman. Si Kabayan (Cerita Lucu di Indonesia Terutama di Tanah sunda). Pustaka Jaya.2008. hlm 125-126.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar